Assalamualaikum wargi-wargi blogger tatar pasundan
Simkuring Nyuhunkeun pido'a sinareng pangrojongna ka sadayana wargi-wargi blogger anu di mana bae ayana khususna blogger tatar pasundan.
reh na simkuring bade nyobian ngadamel blog anu dina bahasa sunda, sanaos simkuring atos ngagaduhan blog anu liana namung simkuring teu acan ngaraos sugema upami teu ngagaduhan blog anu versi sunda.
Da geuning ari sipat jalmi mah teu aya paraosan sugemana sanaos tos bru di juru bro di panto ge masih keneh nyebatkeun kirang, kitu oge dina masalah dunia maya nya eta blog, teu aya sugema na.
Ari tujuan simkuring ngadamel blog anu versi sunda teh teuaya lian simkuring ngagaduhan cita-cita hoyong ngarakeutkeun tali silaturahmi antara urang sadaya tur ngamumule bahasa tatar pasundan nya eta bahasa sunda.
Soalna numutkeun beja sareng bewara mah yen bahasa teh teras-teras ngirangan soalna kalandih ku bahasa-bahasa anu enggal (bahasa gaul) cenah saur barudak ngora tea mah..hehe
Simkuring ngaraos prihatin ningal ka ayaan jaman ayeuna barudak ngorana boh para jajaka atawa para wanoja ngarasa era pami komunikasi na nganggo bahasa daerah khusus na bahasa sunda.
Tapi simkuring yakin sinareng percanten masih seer keneh para jajaka sinareng para wanoja anu ngagaduhan rasa mikameumeut tur mikacinta kana bahasa daerahna.
Mungkin ti simkuring sakitu hela curat coret na, simkuring nyuhunkeun dihapunten ka sadaya wargi wargi boh bilih curat coret na teu aya nu nyambung sareng dina bahasa sunda na kacida kasarna, sanaos simkuring pituin urang sunda asli masih tetep we teu acan tiasa nyarios boh tulisan anu mernah.
Sakali deui simkuring nyuhunkeun pido'a na ka sadaya wargi-wargi blogger khususna ka blogger tatar pasundan soalna simkuring nembe ngawitan nyobian blog versi sunda.
=HATUR NUHUN=
15 komentar:
wah..saya kada' mangartos artinya :)
blogs of hariyanto@ sebelum nya saya ucapkan terima kasih atas kunjungan nya,,
tar saya translate ke bahasa indonesia ya pak..hehe
Meski saya ndak bisa bahasa sunda tp klw saya baca sekilas itu apaan sih? hmm ..puisi bukan, curhat yah?
**Pasti galau nih adminnya
wah, sae pisan atuh !!!
Memang kedahna atuh, da pami teu dimumule ku urang mah naha bade kusaha deui....sok dirojong ku kang haji....bingah kang haji mah nguping nage.
Salam wanoh we ti kang haji....sok dilajeng ulah satengah-satengah....
Hehehe....
mbak @indah p hehe..saya lagi belajar nulis dalam bahasa sunda namun masih gak pada nyambung..hehe
terima kasih atas kunjungan nya
hatur nuhun @kang haji kana kadongkapan na, abdi nyuhunken pangrojong tur bingbingan na ti kang haji soalna abdi masih tahap di ajar ngararapkeun bahasa sunda dina dunia blog..hehe
Sami atuh sareng Kang Haji, da kang haji oge masih diajar ieu teh, hayu we urang diajar sasarengan....
Sok atuh cobi ramekeun grup Urang Sunda Boga Kabisa di google+,,,,urang pada silaturahmi we ngariung mungpulung papada dulur sabudaya....
Hehehe...
ayeuna geus make ''loo..gue '' kang..hee
tatar galuh ciamis hadir
Sok teraskeun Jang di dukung ku Abah,suganwe urang sunda jadi kakoncara di dunia,mudah-mudahan Amiin..
punten bade usul,upami katampi,,
langkung sae dina kolom komentar teukedah nganggo kode,biasana parta komentator sok hoream ngomentar ekena,tapi teulangkeung etamah,,,haturnuhun
leres kang hary geningan bahasa para pemuda pemudi di pasisian ge tos nurutan pemuda pemudi urang kota
hatur nuhun kana kasumpingana
hatur nuhun kang dede kana support/pangrojong na,,
amiinn mudah-mudahan kang :D
wilujeung siang,siang diwilujeungkan kumaha daramang urang sunda teh,kamaran yeuh urang sunda teh,se pisan kang urang bewarakwun ka saluruh dunya urang sunda bakal ngeblog kitu.he...he..
Wilujeng siang oge kang,, muhun kang ieu mah nyobian we ath manawi katampi ku sadaya keluarga blogger tatar pasundan sareng nu sanes na..hhe
hatur nuhun pisan kana kasumpingana
abdi teh kungsi kadieu, ngan harita asana mah nuju gurung gusuh, jadi nembe' ayeuna tiasa komentar, soklah pipijihkeun deui artikelna sing se'eur beh abdi tiasa ngiringan ngamumule budaya sunda ngalangkungan blog ieu....der ah
Posting Komentar