Rabu, 03 April 2013

NGEUNAAN SAJARAH PARAHYANGAN

Sampurasun..baraya blogger simkuring dina danget ayena bade nyobian nalungtik asal muasal daerah parahyangan anu aya di wewengkon di propinsi jawa barat.

Parahyangan, atawa
Priangan mangrupakeun
hiji wewengkon di pulo
Jawa bagian kulon,
sabagian ti Tatar Sunda /
propinsi Jawa Kulon
kiwari, nu legana kurang
leuwih 21500 km 2
(sapergenep lega pulo
Jawa).

Étimologi:

Parahiyangan asal tina
kecap 'rahiyang' nu maké
rarangkén pa-an, nu
hartina tempat para
rahiyang (sebutan
pikeun raja atawa putra
raja) atawa hiyang.
Kecap ieu kapanggih dina
naskah Carita
Parahiyangan nu dijieun
kira abad ka-16 . Ku
kituna, mun matok kana
harti ieu, mangka
Parahiyangan téh nujul
ka sagemlengna Tatar
Sunda, henteu ukur
wilayah anu ayeuna
dipikawanoh salaku
Priangan.

Géografis:

Priangan ayeuna nyaéta
wewengkon di Propinsi
Jawa Barat nu ngawengku
Kabupatén Cianjur ,
Bandung, Sumedang ,
Garut, Tasikmalaya ,
Ciamis , jeung Banjar nu
gedéna kira-kira
sapergenep ti lega
wewengkon Pulo Jawa
(kurang leuwih 21.524
km pasagi). Di beulah
kalér watesna jeung
Karawang , Purwakarta ,
Subang jeung Indramayu;
beulah wétan watesna
jeung Majaléngka,
Kuningan. Jeung Jawa
Tengah diwatesanan ku
Citanduy; beulah kidul
diwatesan ku Samodra
Indonésia; beulah kulon
watesna wewengkon
Sukabumi jeung Bogor.
Lahan daérah Priangan:
dataran rendah, pasir-
pasir, gunung-gunung nu
jumlahna kaitung loba, di
antarana: Gunung Gedé ,
Gunung Ceremé (asup ka
wilayah Majalengka,
Kuningan tur Ciamis),
Gunung Kancana, Gunung
Masigit (Cianjur), Gunung
Salak (asup ka wilayah
Bogor jeung Sukabumi);
Gunung Tangkuban
Parahu, Gunung
Burangrang, Gunung
Malabar, Gunung Bukit
Tunggul (Bandung);
Gunung Tampomas,
Gunung Calancang,
Gunung Cakra Buana
(Sumedang); Gunung
Guntur, Gunung
Haruman, Gunung
Talagabodas, Gunung
Karacak, Gunung
Galunggung (Garut);
Gunung Cupu, Gunung
Cula Badak, Gunung
Bongkok (Tasikmalaya);
Gunung Sawal (Ciamis).
Dilingkung ku gunung,
Priangan kawentar subur
sabab loba ogé
walunganana.

Sajarah:

Saméméh ragrag kana
kakawasaan Mataram,
wilayah Priangan
ngawengku daérah antara
walungan Cipamali di béh
wétan jeung walungan
Cisadané di béh kulon,
iwal wilayah Pakuan
Pajajaran, Jakarta, jeung
Cirebon. Sanggeus
Karajaan Sunda runtag
dirurug Banten
(1579 / 1580 ), wewengkon
nu teu dikawasa Banten
kabagi kana dua
kakawasaan: Sumedang
Larang jeung Galuh.
Sumedang Larang nu
puseur pamaréntahanana
di Kutamaya (wilayah
kulon Kota Sumedang
kiwari) dipingpin ku
Prabu Geusan Ulun
(1580 - 1608 ). Saméméh
taluk ka Mataram nu
keur dipingpin ku
Sutawijaya ( 1586 -1601 ),
Galuh mangrupakeun
karajaan mandiri
(1580 - 1595 ).
Taluk ka Mataram
Sapupusna Prabu Geusan
Ulun, kakawasaan
Sumedang Larang
diwariskeun ka anak
téréna, Radén Aria
Suriadiwangsa
( 1608 - 1624 ). Dina taun
1620 , alatan kacapit ku
tilu kakawasaan di
sabudeureunana,
(Mataram ti béh wétan,
Banten jeung Kompeni ti
béh kulon), Aria
Suriadiwangsa milih
nyerahkeun manéh ka
Mataram (anjeunna masih
turunan Mataram ti
indungna Ratu Harisbaya,
dulur Sutawijaya). Ti
harita, Sumedang Larang
dirobah jadi Kabupatén
Sumedang nu dikawasa
ku Mataram. Kitu deui
wewengkon séjénna, jadi
kabupatén bawahan
Mataram nu diawaskeun
ku Wadana Bupati
Priangan. Pikeun
kalungguhan Wadana
Bupati Priangan
munggaran, Sultan Agung
milih Aria Suriadiwangsa
kalawan gelar Pangéran
Rangga Gempol
Kusumadinata (Rangga
Gempol I, 1620 - 1624 ).
Nalika kakawasaan di
Priangan dicepeng ku
Pangéran Rangga Gedé
(ngawakilan Rangga
Gempol nu ditugaskeun
mantuan nalukkeun
daérah Sampang,
Madura), Sumedang
diserang Banten. Kusabab
teu bisa numpurkeun
serangan Banten, Rangga
Gedé ditahan di
Mataram, sedengkeun
Priangan dipasrahkeun ka
Dipati Ukur , kalawan
sarat kudu bisa ngarebut
Batavia ti VOC. Dipati
Ukur harita nyepeng
kalungguhan Wadana
Bupati Priangan di
wewengkon Bandung
kiwari, nu ngabawah
wilayah Sumedang,
Sukapura, Bandung,
Limbangan, sarta
sawaréh Cianjur,
Karawang, Pamanukan,
jeung Ciasem.
Alatan gagal
ngalaksanakeun sarat
ngarebut Batavia ( 1628 ),
jeung sadar yén anjeunna
bakal dihukum ku Sultan
Agung, Dipati Ukur
baruntak. Baruntakna
Dipati Ukur kakara bisa
tumpur taun 1632 , sabab
Mataram dibantu ku
sawatara pamingpin di
Priangan. Kalungguhan
Wadana Bupati Priangan
lajeng dipasrahkeun deui
ka Rangga Gedé.
Akibat tina baruntakna
Dipati Ukur ka Mataram,
dina Piagem Sultan Agung
titimangsa 9 Muharam
taun Alip (ceuk F. de
Haan, taun Alip téh sarua
jeung taun 1641 Maséhi,
tapi aya sawatara
katerangan séjén yén
taun Alip idéntik jeung
taun 1633 ), daérah
Priangan di luar Galuh
dibagi deui jadi opat
kabupatén:
Sumedang (Rangga
Gempol II, sakaligus
Wadana Bupati Priangan),
Sukapura (Ki
Wirawangsa Umbul
Sukakerta, gelar
Tumenggung
Wiradadaha),
Bandung (Ki
Astamanggala Umbul
Cihaurbeuti, gelar
Tumenggung Wiraangun-
angun),
Parakan Muncang (Ki
Somahita Umbul
Sindangkasih, gelar
Tumenggung Tanubaya).
Wewengkon Priangan ogé
dimekarkeun deui ku
dirobahna Karawang jadi
kabupatén mandiri,
sedengkeun wilayah
Galuh (Priangan Wétan)
dibagi opat kabupatén:
Utama, Bojonglopang
(Kertabumi), Imbanagara,
jeung Kawasén.
Sapupusna Sultan Agung
(1645 ), Mataram
dipingpin ku putrana,
Sunan Amangkurat I
(Sunan Tegalwangi,
1645 - 1677 ). Antara taun
1656 - 1657 , wilayah
Mataram Kulon
(Mancanegara Kilen)
dibagi kana dua welas
ajeg sakaligus ngahapus
wadana bupati di
Priangan: Sumedang,
Parakan Muncang,
Bandung, Sukapura,
Karawang, Imbanagara,
Kawasén, Wirabaja
(Galuh), Sekacé
(Sindangkasih),
Banyumas, Ayah
(Dayeuhluhur), jeung
Banjar (Panjer).
Dipasrahkeun ka VOC-
Hindia Walanda
Wilayah Priangan
ragragna ka VOC
saméméh Mataram
bener-bener taluk ka VOC
(1757 ). Dumasar kana
"perjangjian" Mataram
jeung Kumpeni, taun
1677 (perjangjian 19-20
Oktober) Priangan Kulon
& Tengah pindah
dikawasa Kumpeni,
sedengkeun Priangan
Wétan jeung Cirebon
taun 1705 (perjangjian 5
Oktober).
Dina piagem titimangsa
15 Nopémber 1684,
Kumpeni sacara resmi
ngangkat para pamingpin
Priangan pikeun
maréntah daérahna
séwang-séwangan. Taun
1706 VOC ngangkat
Pangéran Aria Cirebon
jadi Bupati Kumpeni, nu
tugasna ngawaskeun &
ngokolakeun bu[ati-
bupati di Priangan
sangkan tukuh kana
kawajiban-kawajibanana
ka Kumpeni. Nalika
jaman Kumpeni ieu,
Priangan jadi salah sahiji
sumber hasil bumi utama
ku ayana program nu
disebut Preangerstelsel
(Sistim Priangan), nu
utamana ngahasilkeun
kopi. Dina jaman Hindia
Walanda (satutasna VOC
bangkrut), gubernur
munggaran H. W.
Daendels ngayakeun
proyék Grote Postweg
(Jalan Raya Pos), nyaéta
ngawangun jalan ti Anyer
di tungtung kulon Jawa
nepi ka Panarukan di
tungtung wétan. Lian ti
éta, Daendels ogé beuki
ngahangkeutkeun melak
kopi di Priangan,
utamana di daérah
Cianjur, Bandung,
Sumedang, jeung Parakan
Muncang (1808 - 1809 ).
Limbangan, Sukapura,
jeung Galuh digabung
jeung Cirebon
(Cheribonshe
Preangerlanden ), tapi
teu sawatara lila
Limbangan jeung
Sukapura dikaluarkeun ti
wilayah administrasi
Cirebon.
Dina mangsa pamaréntah
Hindia Walanda
(1808-1942), status
Priangan nyaéta
karésidénan, nu
munggaran ibukotana di
Cianjur, salajengna
ibukota karésidénan
Priangan pindah ka
Bandung (ti taun 1864).
Ku asupna Galuh (awal
abad ka-20), wilayah
Karésidénan Priangan
nambahan. Priangan jadi
6 kabupatén; Cianjur,
Bandung, Sumedang,
Limbangan (Garut),
Sukapura (Tasikmalaya),
jeung Galuh (Ciamis).

Mugia aya mangfaatna kanggo baraya blogger sadayana.

=HATUR NUHUN=

Sumbet ti: id.m.wikipedia.org/wiki/Parahyangan

Rabu, 06 Maret 2013

BLOG VERSI SUNDA

Assalamualaikum wargi-wargi blogger tatar pasundan

Simkuring Nyuhunkeun pido'a sinareng pangrojongna ka sadayana wargi-wargi blogger anu di mana bae ayana khususna blogger tatar pasundan.

reh na simkuring bade nyobian ngadamel blog anu dina bahasa sunda, sanaos simkuring atos ngagaduhan blog anu liana namung simkuring teu acan ngaraos sugema upami teu ngagaduhan blog anu versi sunda.

Da geuning ari sipat jalmi mah teu aya paraosan sugemana sanaos tos bru di juru bro di panto ge masih keneh nyebatkeun kirang, kitu oge dina masalah dunia maya nya eta blog, teu aya sugema na.

Ari tujuan simkuring ngadamel blog anu versi sunda teh teuaya lian simkuring ngagaduhan cita-cita hoyong ngarakeutkeun tali silaturahmi antara urang sadaya tur ngamumule bahasa tatar pasundan nya eta bahasa sunda.

Soalna numutkeun beja sareng bewara mah yen bahasa teh teras-teras ngirangan soalna kalandih ku bahasa-bahasa anu enggal (bahasa gaul) cenah saur barudak ngora tea mah..hehe

Simkuring ngaraos prihatin ningal ka ayaan jaman ayeuna barudak ngorana boh para jajaka atawa para wanoja ngarasa era pami komunikasi na nganggo bahasa daerah khusus na bahasa sunda.

Tapi simkuring yakin sinareng percanten masih seer keneh para jajaka sinareng para wanoja anu ngagaduhan rasa mikameumeut tur mikacinta kana bahasa daerahna.

Mungkin ti simkuring sakitu hela curat coret na, simkuring nyuhunkeun dihapunten ka sadaya wargi wargi boh bilih curat coret na teu aya nu nyambung sareng dina bahasa sunda na kacida kasarna, sanaos simkuring pituin urang sunda asli masih tetep we teu acan tiasa nyarios boh tulisan anu mernah.

Sakali deui simkuring nyuhunkeun pido'a na ka sadaya wargi-wargi blogger khususna ka blogger tatar pasundan soalna simkuring nembe ngawitan nyobian blog versi sunda.

=HATUR NUHUN=